Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Lého Sagedé Dulang

Kamis, 15 Oktober 2015

“DAЀK kawin ka Juragan Obing téh, Ir..?“ Ma Arum nanya ka anakna. “Sangeuk! Goréng patut! Kolot! Bau! Nyingsring di mana waé! Léhona sagedé dulang!” Irma kukulutus bari nyeuseuh sisi sumur. “Teu nanaon Ir.., umur Juragan Obing mah moal lila ceuk dokter ogé. Ngan saminggueun deui. Nu penting mah manéh meunang gono-gini,” ceuk Titin, lanceukna, bari ngumbah wadah. Antukna Irma daék dikawin ku Juragan Obing nu geuring parna. Geus leuwih ti sabulan Juragan Obing can maot waé, awakna beuki dieu beuki jagjag. Cageur! Sapuluh taun Irma rumahtangga jeung Juragan Obing. Unggal poé teu weléh ngaberesihan lého badag nu aya di unggal juru. Irma boga rasa kaduhung. Waktu nyérélék, Juragan Obing beuki sehat, Irma gering parna, awakna leuleus bakating remen teuing ngepél lého salaki, nepi ka maotna. Sataun sanggeus ditinggalkeun ku pamajikan, Juragan Obing kawin deui ka Bi Engkom, randa beunghar anu boga kaahéngan, lamun nyingsring léhona sagedé tajug.*  

Yusef Muldiyana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya