Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Legana Dunya

Jumat, 16 Oktober 2015

TI bubudak, Mama Sastra, Mama Karta jeung Mama Wira nyobat dalit. Leuwih nyobat, waktu masantrén di Ajengan Gofur. Sanggeus laki-rabi, paburencay, béda panganjrekan. Silaturahim manjang, sataun sakali ngayakeun riungan. Lamun kabeneran papanggih di mana waé, komo bari kumplit tiluan, nya sok langsung ngampar sorban, uplek ngobrol, teu kaganggu ku kaayaan di sabudeureunana.
Ku kabeneran, harita tiluanana papanggih di deukeut pasar. Sor, sorban diamparkeun. Der, uplek ngobrol. Dirariung. “Resep, siga nongton tukang sulap, loba bohongna.” Ceuk nu ngariung. “Karta, geus sakumaha tah legana dunya? Uingah kakara salega lapang badminton.” Pananya Mama Wira. “Uingah geus salega méja pingpong. Sigana Si Sastra tah nu aya kamajuan mah.” “Keur diuk gé, geus heureut.” Ceuk Mama Sastra.
“Tuluuung…” Geblus, wanoja abus ka riungan. “Tulungan abdi, dompét abdi ical, dicopét.” “Sok, buktikeun Sastra?” Mama Karta jeung Mama Wira mani bareng nanyana. Mama Sastra ngised diukna. “Nyi, ieu dompétna?” Dompét dialak-ilik, dibukaan. “Leres, hatur nuhun Mama.”*

Noorfatah Muhammad Dimyati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya