Panyawah jeung Pacul nu Ngagitek
BÉRÉS hanca, teu tuluy balik. Ngadon ngajentul nangkeup tuur na galengan. Pacul ditiung cetok, maturan. Teuteupna kosong. Sakapeung ngarahuh miceun bangbaluh. Sisi galengan katempo badis jungkrang ngalungkawing, leutak katara leuwih hideung. Sarua lungkawing jeung hideungna pilampaheun ka hareup. Rumasa, kabisa ngan guyang leutak. Omongan Cép Haji nongtoréng kénéh. Cenah sawah rék dibeuli ku Babah. Teu bisa kumaha, pangkat ukur panyawah. Saéstuna, di lemburna tinggal sawah Cép Haji nu nyésa. Katingker ku tingjelegirna gedong pabrik jeung perumahan.
Keur uleng. "Maaang..., sawah téh moal dijual. Lebar...!" gancang ngalieuk, katempo Cép Haji nyampeurkeun. "Leres Cép?" nu ditanya unggeuk bari imut.
Langit ngadadak béngras. Awakna asa jangjangan, kalayang ka tengah kotakan. Kaos gambar caprés dilaan, laju diputer-puter luhureun sirah. Éngklak-éngklakkan. Atoh. Atoh kawas bolon nu dibéré cocooan. Na galengan, pacul jeung cetok gutak-gitek milu ngigel.*
'Eboed' Eman Budiman - kisuta.com


