Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Merapi Biru

Rabu, 21 Oktober 2015

ÉNJING-ÉNJING, Kangjeng Ibu tos saged. Roncéan malati mapaésan sanggul tekukna, humaliwir wedak bangkuang campur kananga nyambuang. Cahya biru, moncor tina sela-sela kabaya brukat pulas gading. Nitih andong, dikusiran Mas Wiro. Kangjeng Ibu ngiangkeun batik ka Beringhardjo. Tina jandéla kamar, aya teuteup ngahuru, pinuh amarah.
Ba’da magrib harita téh. Anjeunna caméot, nginghak teu lirén-lirén. Dina korsi goyang, nu ngembang wéra burial buncelik.
“Gara-gara nu kieu patut, salaki euweuh ajina. Musrik! Sirik, deuleu! Asu, kowé!” Belewer.
Ti wangkid harita, Kangjeng Ibu, Kangjeng Romo, tara kulem sareng. Apilain! Pausahaan Batik Sekar Jagat melempem.
Lampu kaméra tingbarasat. Wartawan modeu ngaronom. Seubeuh pamuji. Pajarkeun téh; karya batikna ékslusive. Ngiwari, bari teu ngaleungitkeun unsur klasikna. Ukur mésem, reueus. Piceurikeun nyelek, leungeun ngusap medalion Merapi biru. Kolébat. Seungit malam, awor kembang malati jeung kananga dumalingding.*

Nena Cunara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya