Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Pangéran Geusan Ulun

Jumat, 23 Oktober 2015

MULANG ti Demak lan Pajang nuju Sumedanglarang, Radén Angkawijaya pohara nalangsa.
Asih nu geus papada pakait kudu pegat lantaran pulitik pangawasa. “Harisbaya..,deudeuh.. geulis Harisbaya.” Kingkin.
Satria. Najan haté digerih disebit-sebit, nyimpang heulan ka Carbon unjuk wilujeng ka Panembahan Ratu nu geus téga migarwa pupujan haté. “Harisbaya..,deudeuh.. geulis Harisbaya.”
Peuting simpé. “Aka, candak indit kuring ka Sumedanglarang atawa nemasan pati di dieu,” Harisbaya nepangan rerencepan, cumarita bari bedah cimata.
“Uwa-uwa, wayahna bantuan pun kula,” Radén Angkawijaya meredih ka pangawal satiana. Pangawal anu marengan kamamana ti awit ngajajap Makuta Binokasi ka Sumedanglarang, Kandaga Lanté.
Janari. Karaton Carbon geunjleung. Radén Angkawijaya lan para pangawalna geus undur rerencepan bari ngiwat Harisbaya, garwa anom Pamenbahan Ratu.*

Yayan 'Bedog' Supriatna - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya