Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Haté

Kamis, 29 Oktober 2015

SONG surat panggilan sidang dibikeun deui ku hakim ketua. “Saé ngéléhan wé, anggap ibadah.” Ceuk hakim awéwé bari imut ngagedékeun haté. Ukur diwalon ku seuri jeung unggeuk.
Peuting kamari, dianteurkeun ku dahuanana. Majar Nonih geus sangeuk ngurusanan. Gering alatan paru-paru basah karék tilu minggu geus luh-lah. Aya suspéct CA, kudu ubar-abér kaditu kadieu. Olok waragad. Béla ka daging wungkul. Teu cara keur séhat bari aya irongeunana. Ulah ku batur.
Barudak rarambisak, ménta sihpiwélas. “Sing hawatos ka Bapa. Ulah cios lah, Mah.” Surat pangajuan gugat cerai geus sabulan, sidang nu kahiji poé ieu. Bakat ku nista, maja, utama. Milaraan kana raga kana rasa. Mangtaun-taun jadi tunggul. Sagala teu adil. Sapeupeuting gulinggasahan. Tingtrim sanggeus tahajud.
Awak nahnay. Leumpang ngalénghoy, dihujanan kalakay nu maruragan.
Sapaparat jalan, haté nu rajét sasemplék-sasemplék dipiceunan.*

Tiktik Rusyani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya