Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Nyungsi Bihari

Dago Pakar, Pamukiman Jaman Purba

Jumat, 30 Oktober 2015

KISUTA.com - “Mun kuring palastra lebu jasadna awurkeun ka kawah Gunung Tangkuban Parahu jeung ka Walungan Citarum.” Kitu unina wasiat Profésor Klompe, ahli géologi urang Belanda nu ngadegkeun jurusan Géologi di Technik High School (ayeuna Institut Teknologi Bandung), méméh ninggalkeun alam pawenangan.

Naha tepi ka ninggalkeun wasiat kitu? Profésor Klompe nu maot di Thailand téh salahsahiji ahli géologi nu kasengrem ku kayaan géologi di Bandung. Profesor Klompe ti saprak datang ka Bandung mindeng gogodeg ningal kumaha beungharna wewengkon pagunungan Bandung ku titinggal jaman purba.

Ahli géologi séjénna nu kapengpeongan, di antarana R.W. van Bemmelen, C.E. Stehn, J.H.F. Umbgrove, jeung Nuemann van Padang nu daratang awal abad ka-20. Nu resep leuleuweungan ogé ngahajakeun ka Bandung. Di antarana, pangusaha perkebunan jeung tukang ngalalana urang Jerman, Junghun, nu kalayan gemet nyatet kondisi alam Bandung dilengkepan ku skétsa-skétsa.

Anu mimiti nimu titinggal arkéologis téh A.C. de Jongh (Kepala Géologi jeung Pertambangan Hindia Belanda) di Dago Pakar. Ti dinya jul-jol urang Éropa séjénna daratang ka Bandung. Upamana waé, paléontolog Jerman G.H.R von Koenigswald nu tepi ka bisa ngumpulkeun alat jeung sesemplék batu obsidian.

Urang Eropa séjénna, géolog Swis, W. Rothpletz nu nuluykeun panalungtikan Koenigswald. Ku sabab loba pisan alat-alat nu kapanggih, W. Rothpletz nu ngayakeun panalungtikan ti taun 1942 tepi ka taun 1945, nyebutkeun bisa jadi Dago Pakar téh baheulana salasahiji béngkél, tempat nyieun pakakas.

Sanggeus nagara urang merdéka nu neruskeun lacak von Koenigswald jeung W. Rothpletz téh R. P. Soejono, arkéolog senior bangsa urang. Ku yasana, budaya prasejarah manusa Bandung katémbong leunjeuranana. Kabeungharan géologi jeung arkéologi di Dago Pakar beuki nembark.

Hasil panalungtikan para ahli téh dilengkepan ku tulisan-tulisan atawa ku buku-buku nu kawilang populér. Taun 1980, di Bandung terbit buku Bandung and Beyond. Eusina nyaritakeun kaayaan géologi, ékologi, jeung sajabana nu ditulis ku salaki pamajikan bangsa Amérika Serikat, Richard dan Sheila Bennet.

Richard dan Sheila Bennet, dibaturan anakna, duaan, ngurilingan Bandung jeung Jawa Barat, piknik, maké mobil VW Passat. Lalampahanana salila ngurilingan Bandung jeung pagununganana ditulis, diadumaniskeun jeung pangaweruh géologi katut arkéologi tepi ka tulisanana lain ngan saukur pangalamanana.

Tepi ka ayeuna anu nalungtik wewengkon Dago Pakar téh méh teu eureun-eureun. Di Walungan Cikapundung palebah Dago Pakar jeung di lelewek Pasir Panyandakan kapanggih Kapak Perimbas (Choppers) jeung Kapak Penetak (Choppings). Dijieunna tina batu andesit. “Hartina, di dinya geus aya pamukiman,” ceuk Drs. Lutfi Yondri, M.Hum ti Balai Arkéologi (Balar) Bandung.

Ceuk Lutfi, Dago Pakar baheula wewengkon nu subur. Loba bahan kadaharaan, boh sasatoan boh tutuwuhan, jeung bahan-bahan pikeun nyieun pakakas keur kaperluan sapopoé. “Dago Pakar téh tempat nu hadé pikeun pamukiman. Nu matak kaharti di Dago Pakar kapanggih pakakas titinggal jaman baheula,” pokna deui.

Dumasar kana tempat kapanggihna pakakas baheula, pamukiman téh ayana di sisi cai; di sisi talaga Bandung purba, walungan, hulu cai, jeung sajabana. Pakasababana, luyu jeung jamanna, moro jeung ngumpulkeun dahareun. “Pamukimanana laleutik dumasar kana kelompokna séwang-séwangan,” ceuk Lutfi.

Ieu arkéolog senior téh nyebutkeun hadéna wewengkon Dago Pakar ulah tepi ka diganggu lantaran bisa jadi loba kénéh titinggal jaman purba nu tacan kapanggih. “Urang ulah tepi ka éléh ku bangsa deungeun nu neundeun perhatian gedé ka wewengkon Dago, kahirupan manusa purba di sisi talaga Bandung kudu bisa diungkab sagemblengna,” pokna.* NS Priyatna - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya