Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Mijah

Jumat, 30 Oktober 2015

GEUS saminggu, kituna téh. Tingkedepruk, sakapeung brag-brig-brug. Diantep, wé. Paling ucing ngudag beurit. Engké gé, boseneun. Kaluli-luli.
Poé ieu, asa dicoo gado. Gareuwah kaleuleuwihi. Katambah huntu koropok, teu puguh rasakeuneunana. Patingcorowok, nyeta-nyeta biduan. Laju patingcakakak. Jep, sakedapan. Der, deui. Kalahka ngahajakeun. Sumberna, ti lebah imah tatangga, beulah kéncaeun. Ambek nyedek tanaga midek. Huntu beuki jejedudan. Dijorag ku aing, siah! Mencét bél. Lol. Si Poniyem, bujang nu boga imah. Cenah, Manéhna nyorangan. Teu nyetél tip, sumawona radio. Enya, wé. Di jero imah, réhé. Matak hemeng. Gura-giru balik. Beuki maceuh. Kareungeu sora goong ngungkung, tepak kendang ngawirahma, sindén ngoléar. Didédéngékeun. Beuki lila, beuki atra. Horéng, jolna ti loténg kudang barubutan. Panasaran. Térékél. Hookeun, nempo nu anteng tingréngkénék, igelTayuban. Campuh, ngaliud. Mararijah. Pakéanana ménak kabaheulaan. Dedeg pangadegna, lalembut. Sagedé orok-orokkan. Karek engeuh. Sapuluh poé ka tukang. Bapana barudak, meunang keris lawasan modél Mataraman, aya tujuhna. Can kaburu diberesihan.*

Nena Cunara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya