Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Sasakala

Karang Nini, Tanda Cinta Sajati

Minggu, 1 November 2015

KISUTA.com - Karang Nini téh ngaran obyék wisata basisir di Ciamis Kidul, kurang leuwih genep kilométer saméméh Pangandaran. Perenahna, mun ti Ciamis, kéncaeun jalan. Ti jalan anggangna moal kurang ti 2, 5 kilométer, jalanna mudun jeung pungkal-péngkol. Kénca katuhu jalan rembet ku kakayon, tatangkalan galedé jeung jarangkung rajeg.

Naha dingaranan Karang Nini, aya sasakalana. Kieu sasakalana téh: Jaman baheula, di pilemburan anu ayeuna ngaranna Semplak, hirup salaki pamajikan nu geus aki-aki jeung nini-nini nu kaceluk sakti. Ngaranna téh nini-ninina, Ambu Kolot, ari aki-akina, Arga Piara. Teu boga budak, gabug. Nu matak di imahna ti barang kawin ogé duaan waé.

Karesep Si Aki téh nguseup di laut nu teu jauh ti imahna. Unggal poé, ti isuk-isuk tepi ka burit Si Aki aya di sisi laut. Mun cai laut keur surut, isuk-isuk tepi ka beurang nguseupna rada béh tengah, mun cai lautna geus pasang, ti beurang tepi ka burit, nguseupna di sisi basisir. Tara maké parahu nguseupna téh.

Beubeunanganana teu tangtu, sakapeung meunang loba sakapeung deui meunang saeutik. Laukna dibawa ka imah, dibikeun ka Si Nini, sina diasakan, keur deungeun sangu, sésana dijieun lauk asin, dikulub terus dipoé. Sakapeung mun tatanggana barutuheun lauk asinna téh sok dijual, ku cara dibarter jeung barang kaperluan séjén.

Hiji mangsa, Si Aki saperti biasana rebun-rebun kénéh indit ka laut, rék ngusep. Mawa jeujeur jeung korang, tambah deui timbel, keur bekel, didudukuy, ngarah teu kapanasan. Ari Si Nini sanggeus Si Aki miang sagawé-gawé, moé-moékeun lauk asin, sasapu, ngala suluh, kukumbah jeung sajabana.

Biasana, méméh reupreupan ogé Si Aki téh geus balik bari mawa lauk meunang nguseup. Tapi harita mah poé geus maju ka peuting, Si Aki tacan témbong ngurunyung. Puguh waé Si Nini téh melangeun, hariwangeun Si Aki cilaka. Ku sabab Si Nini gawéna kaluar asup imah, tatanggana nyarahoeun Si Aki tacan balik.

Dibarengan ku tatanggana, Si Nini terus indit ka sisi laut. Lantaran geus poék réa nu mawa obor tina baralak. Si Nini leumpang mapay-mapay sisi basisir néangan Si Aki bari gegeroan, awor jeung séahna ombak. Kitu deui tatanggana, teu weléh nyalukeun Si Aki. Tapi Si Aki weléh teu kapanggih, teu kadéngé némbalan-némbalan acan.

Ku sabab geus peuting, tatanggana mah baralik bari jangji isukan rék mantuan néangan Si Aki. Si Nini mah teu milu balik. Si Nini terus menekung, neneda sangkan dibéré nyaho kumaha nasib Si Aki. Teu lila, di sisi basisir mucunghul batu karang. Ceuk sora kadéngé ku Si Nini, éta batu karang téh jelmaan Si Aki.

Awahing ku cinta ka Si Aki, Si Nini neneda deui sangkan salilana teu jauh jeung Si Aki. Paneda Si Nini dikabulkeun. Si Nini ahirna ngawujud jadi batu karang, teu jauh ti batu karang jelmaan Si Aki. Batu jelmaan Si Aki saterusna katelah Balé Kambang, cenah mun urang nangtung di dinya asa kaombang-ambing.

Ari batu jelmaan Si Nini katelah ku sebutan Karang Nini, ngajegir nangtung jeung badag. Baréto mah aya sirahan batu Karang Nini téh, nyanghareup ka laut, ka lebah Balé Kambang. Ngan taun 1919, sirah Karang Nini potong kasamber petir. Waktu tsunami narajang basisir kalér Pulo Jawa, potong deui kasamber lambak.* NS Priyatna – kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya