Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Duriat nu Elat

Senin, 2 November 2015

HANJAKAL teu panggih ti baheula. Padahal sakampus, saangkatan. Lulus, diwisuda gé bareng. Kacipta mun harita panggih, moal kieu meureun pidongéngeunana.
Lima taun babarengan sakantor. Aya rasa nu beuki nyaliara ti waktu ka waktu. Dimimitian ku kataji. Keur geulis téh, pinter jeung rancagé. Taya hal nu manéhna teu nyaho atawa teu bisa. Geus puguh urusan pagawéan mah. Hasil gawéanana meunang waé pamuji ti dunungan. Kuring jadi kabawa alusna. Mun ngobrol ngariung sual maén bal, tara ukur ngabandungan. Manéhna pangnorowélangna. Apal persis ka hiji-hijina pamaén, tepi ka taktik jeung strategi maénna. Matak resep ngajak ngobrol atawa diskusina. Ayeuna usum batu ali. Tara éléh carita. Naon ngaranna jeung kumaha ngetés kaaslian batu gé, apaleun. “Cobi karaos tiis teu, upami tiis leres batu asli,” pokna bari ngantelkeun batu ali ka na pipi kuring. Nu dirarasa lain antelna batu ali dina pipi, tapi ramona. Karasa nyecep tepi ka lulurung kalbu. Mépés amarah bawa ti imah.*

Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya