Domé
“PAMARÉNTAH kudu apal kana kaayaan rahayat kiwari. Sing inget, hirup urang ayeuna geus sejahtera. Duit teu kawadahan. Hahargaan keur mahal-mahalna. Naha ujug-ujug pamaréntah maké jeung rék nurunkeun harga BBM sagala! Atuh urang ayeuna bakal leuwih beunghar. Licik. Licik. Maranéhna mah ngeunah ongkang-ongkang dina kamiskinan, ari rahayatna dititah beunghar!” manéhna awong-awongan bari ngacung-ngacungkeun peureupna. Nu darémo surak. Sababaraha sepanduk kabaca atra : ‘DPR teu ngarti aspirasi’, ‘BBM ulah turun’, ‘Para pejabat ulah ukur nyangsarakeun dirina sorangan, tapi sangsarakeun ogé rahayatna’. Pager awi saung déwan rubuh. Pulisi teu walakaya. Di jero saung, para anggota déwan keur nyarepengan beuteung. Lapar. Maranéhna mangtaun-taun teu digajih. Awakna karuru.
Di imah bututna, Présidén ukur bisa gogodeg bari ngaheruk basa lalajo polah rayatna dina tipi hitam-putih 14 inci. Am kana seupan sampeu sésa kamari. Pamajikanana imut, “Sing sabar, Pa. Engké gé rahayat baris apal. Yén ieu kawijakan téh pikeun kasangsaraan maranéhna!”*
Rudi Riadi - kisuta.com


