Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Golok Sulangkar

Selasa, 3 November 2015

POÉ pasar. Ramé. Nu baralanja jeung daragang. Lain ukur pajuheun, ubar-ubaran pelastikan ti kota géh aya. “Kula lain pamér, ieu bukti yén kula geus ngawin golok, deuleu ku dararia” kétét… kétét … kana beuheungna. Nu ngariung muringis. “Ieu golok dijieun tina sajatining waja, wesi aslining beusi!” Nu ngariung ukur gogodeg, teu mareuli. Nu pamér beuki capétang, bacotna ngabedasan.
Can payu, Ki Pamér meuting di lembur Batu Beulah. Nu kaéndongan daréhdéh. Murah congcot murah bacot. Tengah peuting, hawar-hawar sada durukan tina puputan. wawuh sawarana, ja papada pandé. Keketeyapan ka buri. Bréh saung pandé. Hélok… seuneu burahay. Nu tadi nyuguhan, keur ngadangkak. Burieunana lalaki kolot keur mesat waja euceuy, hurung, dina tumbung éta bikang. Ngajirijis sawara waja panas kana palangkakan. Tujuh kali mesat. Waja ngipisan, seukeut. Kolébat… plas… tihang saung sapat, laju murag deui kana urutna. Saung teu igeug-igeug acan.
Ki Pamér pias, ngah-ngah. “Ki Daénci, aya kénéh???” undur-unduran, gasik kabur…*

Rohendi Pandeglang - kisuta.com

Kamus Mini
Tumbung: bobogaan awéwé


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya