Langit Soré
MÉGA hideung maju lalaunan ka kalérkeun. Gugumplukan.
Laju nyarambung. Ngahiji. Reup angkeub. Langit soré teu katempo kageulisanana. Layung nu biasa ngadangdanan beureum konéng, nyarumput di satukangeun waktu.
"Naha ieu téh kasalahan aing?"
Hiji lalaki nunggu katumbiri. Tanggah kana kiara, gagah ngarandakah. Pangiuhan panyarandéan. Rét kana jujukutan. Lumengis ménta tetep dipayungan dina patokan nu diguratkeun ku kodrat-Na. Nu luhur ngasuh nu handap. Nu gedé nyaah ka nu leutik. Nu jangkung deudeuh ka nu pendék.
"Perwatek, perwatek."
Lalaki tunggu katumbiri ngoléséd. Leungeunna nyekelan catetan sacewir. Tabéat pangkat lali kana rumasa. Dina taktakna béntang asa rapang nyorot panonna. Silo. Teu bisa nempo nu aking ngajangjawing.
Lalaki tunggu katumbiri indit ninggalkeun kiara. Hujan kadoliman sabreg-bregeun. Dina haténa aya gerentes katineung. Waktuna papasrah. Najan kudu kabulusan.*
Dadah Hidayat - kisuta.com


