Di Basisir Cisolok
PANGINTEN masih émut waktos di basisir Cisolok, dina batu karang, salira nyerat carios sapasang raga nu sami-sami was-was, sami-sami hariwang jalaran sesah milari pangrereban. Hanjakal éta paragraf munggaran teu acan kaserat sadayana.
Waktos harita soca salira neuteup lambak nu silih udag noélan patingjungkiringna batu karang, katingal teuteup salira sapertos nyamunikeun kapeurih nu saateun cisoca. Kanyeri kapeurih nu nyésa dina kongkolak nu geuneuk alatan panyiksa rasa, nyosoék salambar jangji imajinasi bihari.
Rupina hinis kapeurih nu pinuh ku imajinasi, téga nurihan angen-angen salira, nu duka naon margina, katingal sapertos nu ngempel dina rénghap napas.
Saterasna kalawan teu dihaja bet silih tukeur lalakon bihari, lalakon séwang-séwangan nu sami-sami nandang katunggara bari disimbeuhan kanalangsa. Panginten émut kénéh, waktos harita réma seja nyusut cisoca salira, namung asa-asa.
Rupina tos waktosna urang milari pangrereban, pangancikan nu pinuh kaéndahan, bari ngalenyepan lalakon bihari kanggo eunteung kiwari, muga kanalangsa bihari kalindih ku kabagjaan salalawasna.*
Jejen Jaelani War - kisuta.com