Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Salawasna Kapicangcam

Jumat, 6 November 2015

NYIMPANG ka hiji patempatan. Payuneun lawangna, atra karasa tingtrim. Lat, poho kana kacapé jeung mangpirang kariweuh. Bray, pantona muka. “Assalamua’alaika yaa rosuulallooh,” haté kumeleter. Laju nuturkeun ka jero. Disampakkeun wangi ngadalingding sarta hawa nu nyelecep. Tuluy betah, embung incah. Kaayaan sing sarwa agréng, marakbak satungtung deuleu. Éstuning éndah tur matak hookeun. Tihang- tihang rajeg ditarétés pulas emas sinangling. Hurung hérang. Ngagarenclang . Panon anteng nengetan sabudeurna. Ni’mat nataku. “Teu meunang culang- cileung. Teu sopan!” Nu dituturkeun ngélingan. Lain teu ajrih. Ngan asa lebar rék miceun paneuteup. Najan sakiceup. Kalah beuki gemet mapayan unggal jihatna. Bari teu kendat solawat. Kuring nunutur panungtun, ngaliwatan sawatara jajaran nu jarongjon sosonoan. Luhureun karpét beureum. Nu solat, tilawah, jeung menekung wariridan. Srog ka payuneun paimbaran. Teu kaampeuh ku rasa nu ngagalura. Ngiser ka béh kénca. Bréh, amparan pulas héjo. Rhoudloh! Jungjunan... Kasono nu lawas nyangkaruk jeroeun dada. Bedah jadi cimata. Reup. Bray deui, layar baganti gambarna.*

Ida Nurulhuda - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya