Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Lain Si Rawing

Jumat, 6 November 2015

AYA hiji anggota déwan anu ceulina sumpung kagunting ku tukang cukur anu geus lamur. Ceulina tuluy kabur, badis kuda leupas ti gedogan. Ku manéhna diudag. Tapi sakadang ceuli acleng-aclengan gancang pisan. Ti saprak harita, éta anggota déwan teu bisa saré tibra. Rupa-rupa sora teu weléh kadéngé ku manéhna. Da horéng sakadang ceuli téh gawéna jalan-jalan waé. Kaluar asup gang kumuh. Atawa lolongok ka lembur-lembur singkur. Unggal peuting gulinggasahan. Awakna ngorotan. Tug ka dina hiji mangsa, dadak sakala haténa ngarasa tenang, sanggeus kapireng hiji sora nu nyarita. Sora saha ieu? Didéngé-déngé, horéng sora haténa sorangan. Sakadang ceuli téh kasampak geus ngagolér luhureun dadana. Datangna patutur-tutur jeung hiji cahya, nu ngagulubur ti luhur kamar opnameu.*

Lugiena De - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya