Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Mungkas Lalakon

Selasa, 10 November 2015

ALUN-ALUN. Beurang nu bayeungyang. Wanci matapoé manceran. Jumaahan can lekasan. Jalma pagaliwota. Museur palebah air mancur. Rupaning ketak paripolah. Nu dagang barieukeun, matak samar kahayang. Darman, lelenggutan dina bécana. Can waé ngararisan. Ojég nu jadi lantaran. Matak hirup beuki dalit jeung werit. Ipah, diuk dina bangku taman hareupeun air mancur, kebek ku pikir. Baluweng. Sabil, antara Dr. Panji nu brobroan, atawa satia ka Kang Idat nu anyar dipecat. Ngarampa beuteungna. Susangka, keur rebut tawar, rék mangmeulikeun cocooan jang si cikal nu indungna teuing ka mana. Haténa keur bungah alatan gajih munggaran. Rojak, ngingkig dibarengan ku tékad jeung kayakinan nu ngagedur. Hayang jadi jalma nu mangpaat dunya ahérat. Ayeuna waktuna. Gék. Culang-cileung. Rangsel diturunkeun tina tonggongna, tuluy diteundeun gigireun wanoja bureuyeung. Léos manéhna, bari kocap, "Allahu Akbar, Allahu Akbar." Teu lila. Aya sora ngabeledug handaruan. Dituturkeun ku sora nu patingkocéak. Mungkas pirang lalakon.*

Budi Mugia Raspati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya