Lalaki jeung Tihang Listrik
MANÉHNA datang deui. Nyarandé kana awak kuring. Laju ngelepus. Teu jauh ti kantor tempat Nisa digawé. Ti saprak apal yén pupujan atina aya di dinya, manéhna salawasna nungguan. Lain nungguan rék nganteurkeun. Teu werat ku paadu teuteup. Sakalieun Nisa ngalieuk ka lebahna gé sok geuwat malikkeun awakna. Kitu jeung kitu aya kana dua mingguna. Datang. Nyarandéan awak. Ngelepus. Teu pira ukur hayang neuteup asih sajatina ti kajauhan. Mindeng ngagukguk bari neueulkeun tarangna kana awak kuring. Balaka ngeunaan nasibna. Ngeunaan widadarina nu teu ngajadi. Kuring ge sok milu ngalimba. Hanjakal teu walakaya. Ngan sigana ayeuna poé panungtung manéhna maturan kuring. Bubuhan teu nginjeum panon, panyileukanana bareng jeung lalaki kana sédan. Paromanna ngadadak alum. Kuring nu katempuhan, awak ditonjok satakerna. Ngabelentrang. Kérérémpéngan. Geus biasa ieuh, ku nu ngaronda gé sok mindeng ditakolan.*
Rudi Riadi - kisuta.com


