Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Lalampahan

Gunung Wayang, Tempat Ngahiliwirna Angin para Déwa

Rabu, 11 November 2015

KISUTA.com - "Ngaran wayang nu dipaké keur ngaran gunung lain dicokot tina kesenian wayang," ceuk T. Bachtiar, dosen géografi di Universitas Islam Nusantara (Uninus) Bandung nu ogé anggota Kelompok Riset Cekungan Bandung (KRCB). Wayang asalna tina kecap wa jeung hyang, wa hartina angin, ari hyang hartina déwa.

T. Bachtiar nyebutkeun wayang hartina angin déwa: angin nu matak ningtrimkeun, nu matak ni'mat, nyegerkeun, komo mun urangna keur ngareureuhkeun capé mah, upamana tas digawé atawa tas nyorang lalampahan jauh. "Angin nu ngahiliwir tiis, dina basa Indonésia mah angin sepoi-sepoi basah," pokna.

Sakur patempatan anu maké ngaran wayang, ceuk T.Bachtiar, kajaba ti anginna ngahiliwir ogé pamandanganana hadé. Alamna kapiara, cai cur-cor ngagenyas hérang, tutuwuhan héjo lémbok, manuk récét disarada, sasatoan séjénna kalayan lalugina bisa hirup sarta nanjeurkeun kasaimbangan alam nu diperlukeun pisan ku manusa.

"Patempatan nu kitu téh contona Gunung Wayang di Pangaléngan Kabupatén Bandung, jeung di Gunung Wayang Kabupatén Bandung Barat, deukeut Situ Lémbang. Di dua gunung bieu, anginna ngahiliwir jeung pamandanganana éndah. Najan ari alamna mah kiwari téh geus digunasika ku manusa," ceuk T. Bachtiar.

Gunung Wayang nu aya di Pangélangan Kabupatén Bandung geus ti baheula mula dipikawanoh. Hartina ngaranna geus aya ti baréto, lain ngaran anyar. Ku Bujangga Manik, pandita abad ka-15 teureuh karaton Pakuan-Pajajaran nu dua kali ngalalana di Pulo Jawa jeung Bali, Gunung Wayang disabit waktu nyaritakeun balik ngalalana nu kadua kalina:

Sadari aing ti inya/ Leumpang aing ngidul-ngetan/ Meuntasing di Cimarijung/ Meuntasing di Cicarengcang/ Meuntas aing di Cisanti/ Sananjak ka Gunung Wayang. "Bisa dicindekkeun Gunung Wayang nu aya di Pangaléngan lantaran Bujangga Manik nyebut ngaran walungan, Ci Santi," ceuk T. Bachtiar.

Gunung Wayang nu aya Lémbang Kabupatén Bandung Barat (KBB) mah arang disebut-sebut. Arang nu nyarahoeun, ari lain nu purah leuleuweungan mah. Dina bukuna Bandung Purba (2004), T. Bachtiar ogé teu nyabit-nyabit Gunung Wayang Lémbang. "Tos kawakilan ku Gunung Sunda," ceuk T.Bachtiar waktu ditelepon kana hpna.

T. Bachtiar nyebutkeun Gunung Wayang Lémbang teu bisa dipisahkeun jeung lahirna Gunung Tangkubanparahu. Jaman Kuartér kala Pleistosén, kira-kira 500 rébu taun ka tukang mucunghul gunung api nu ngajungkiring jangkung. Luhurna antara 3000-4000 méter tina beungeut cai laut (dari permukaan laut, dpl).

Éta gunung saterusna dingaranan Gunung Sunda; sunda hartina bodas nyacas. Disebut kitu lantaran di ponclotna katutupan salju. Kira-kira 105 rébu taun ka tukang Gunung Sunda bitu rongkah pisan. Gunung Sunda runtuh tepi ngabentuk kaldéra atawa kawah nu badag nu ukurana antara 5 - 10 kilométer pasagi.

Tina kaldéra ieu lahir gunung nu saterusna disebut Gunung Tangkubanparahu nu ditempo ti kajauhan mémang blég waé parahu nu nangkub. "Gunung sabudeureun Gunung Tangkubanparahu; Burangrang, Putri, Bukit Tunggal, Manglayang, Palasari asup kana komplék Gunung Sunda," ceuk T. Bachtiar.

Dina sasakala Sangkuriang, disebutkeun Gunung Bukittunggal (2209 m.) wétaneun Gunung Tangkubanparahu, asalna tina sésa-sésa kai nu rék dijieun parahu; Gunung Burangrang (2064 m.), kuloneun Tangkabunparahu, asalna tina rangrang (dahan kai leutik nu murag alatan geus garing). Ieu sasakala nerangkeun kajadian géologi.

Gunung Wayang di Lémbang téh salahsahiji lamping (léréng) kaldéra Gunung Sunda. Bisa dijugjug ti objék wisata Situ Lémbang nu dikokolakeun PT Perhutani Unit III Jabar & Banten. Ieu lelewek mindeng dijadikeun tempat latihan ku pasukan komando TNI.

Dingding kaldéra Gunungapi Sunda nu aya di sabudeureun Situ Lémbang nu luhurna antara 200-300 méter, perenahna di sisi Situ Lémbang sarta tina beungeut laut (dpl) luhurna 1.568 méter téh dasar kaldéra Gunung Sunda. "Bukti nyata nu bisa ditempo ku panon di ieu lelewek kungsi aya Gunung Sunda nu ngajungkiring sarta kungsi bitu rongkah pisan," ceuk T. Bachtiar.

Lelewek Situ Lémbang mindeng dipaké tempat studi lapangan ku para siswa jeung mahasiswa nu keur neuleuman pangajaran géografi atawa géologi. Lian ti éta mindeng dijarugjug ku wisatawan jeung parapecinta alam. Unggal poé libur jeung mun cuacana alus aya waé nu kémah di dinya, babakuna tukang ngalalana di alam.

Situ Lémbang jeung sabudeureunana dipaké latihan keur hirup di alam bébas, latihan sangkan bisa deukeut jeung alam, sangkan urang mikacinta alam, sarta sangkan boga jiwa nu kuat jeung beresih, ngahargaan ka sasama jeung ka alam. Angin déwa di Gunung Wayang mémang bisa ngaberesihan haté. TNI jeung Wanadri ogé meuseuh anggotan di ieu tempat.* NS Priyatna - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya