Nu Ragrag Peuting Kamari
MANGTAUN-TAUN teu dibuka. Diantep sina tiis sanyecepna. Pernah aya nu noélan, ah, géték gé teu dirasa. Malah pernah aya nu babadug sagala. Pajarkeun téh geus waktuna lawang ngaleungitkeun nu jadi hahalang. Teu, teu dilieuk. Baé da ieu mah lain kahayang diri. Bongan mangsa katukang bet aya hinis nu nurih. Getihna gé apan teu saat nepi ka ayeuna.
"Iraha atuh badé hilapna, Sujang? Ema mah hariwang sieun kiamat kaburu datang." Uing ukur seuri bari nuluykeun nulis jajaran ka-sabélas tina sajak simpé nu ngahelas.
"Ieu leres bumina Wa Haji Kulsum? Abdi ti Ciamis. Dipiwarang ku pun biang nepangan uwa."
Duh, sarimbag pisan. Melongna gé siga pisan. Nu geus lila pageuh ditulakan, muka sapisan.
"Ma...ieu aya tamu geulis pisan!" Kagok édan, rasa nu aya dibudalkeun. Nu nangtung hareupeun lawang ukur mésem. Teu lumpat. Teu gideug. Malah lila-lila mah seuri basa uing nunjuk kana dada sorangan bari nyarita, "Dina dada nu ieu, aya haté kanggo néng. Insya Alloh moal kuciwa. Haté nu ieu mah asik kacida." Adan asar kadéngé ngaweuhan. Neuteup beungeutna, uing ngilu adan, "Allohu Akbar...Alloooohu Akbar!"*
Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


