Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ka Ondangan

Senin, 16 November 2015

REBO ieu. Babaturan dinesna hajat. Ngawinkeun. "Lami kénéh teu, Mah?" talék Pa Oléh ka pamajikanana. "Malas menitan deui, Kang!" témbalna. Nguyek dangdan. "Oh! Akang ngantosan di tepas, tuh." mener-menerkeun kerah batikna. Laju ngalongkéwang nilar kamar.
Sabot nungguan, manéhna bati kumejot. Rét! Kana érloji. Nangkeup harigu. Gék! Diuk. Édég. Luh-lah. Nangtung deui. Lajag-léjég. Tungtungna mah ngaberesihan si cékgur. Sabari dipanasan. Tamba kesel. Gemet digesutan. Méh walatra ka juru-juru 'nu hésé. Kalan-kalan ngepruk-ngeprukeun elapna. Laju dipolésan sangkan hérang. Noyékna kalayan ati-ati. Inggis raksukanana keuna kokotor.
"Hayuu..!" ujug-ujug di gigireun. "Astaghfirulloh, ngareureuwas..!" semu nyentak. "Haha! Geulis, teu?" gulak-gilek di hareupeun kaca kusén. Ngepas-ngepaskeun sekéng bajuna. Corak batikna saragam jeung raksukan salakina.
Motor geus katémbong kinclong. Saperti anyar dibeuli. Lésang kaplat-plat nomberna anu beureum. Diampihkeun. Lajeng kumencling paduduaan. Angkat naék angkot.*

Abdul Haris - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya