Élmu Sasar
"MBAH, kumaha carana sangkan kuring bisa beunghar?" tanya Kusno ka Mbah Caling. "Anjeun kudu maling mayit parawan!" jawabna tandes. Les ngaleungit. Iblis seuri. Nambahan deui anak buahna. Guludug patingbaranyay di langit.
Manéhna gilig. Aing kudu nékad, gerentesna. Yani, anak tatanggana, mangkukna maot. Indit tengah peuting, rerencepan. Terus ngagali rurusuhan.
Peuting nu réhé. Aya nu ceurik samar-samar. Réang sora-sora nu nyarékan. Arambek. "Wawanianan siah," nompo kana ceulina. Anteng ngali. Nyampak bugang.
Selengseng. Aya nu neumbrag irungna. Bau bangké. Asa-asa. Barang bugang ditangkarakkeun…
“Hihihihihi… Aya pikersaeun naon, Kang? Yap, urang saré bareng!” mayit nyarita. “Ampun…!” manéhna ngajerit. Ngagolér. Guludug bebeledagan luhureun astana.
Beurangna. Engkus, lanceuk Yani, ngahaja néang kuburan. Unggal poé mawa cai du’a dina botol. “Naha kuburan adi aing aya nu ngabongkar?” manéhna kagét. Geuwat mariksa. “Hor…! Aya Si Kusno geuning?” salah saurang babaturan Engkus nyelengkeung. Réang pabéja-béja yén nu maot parawan sok ménta wadal.*
Irman N Dimyatié - kisuta.com


