Aya Ramo Sagedé Pingping di Masjid Agung Manonjaya
KISUTA.com - Teu béda jeung sawatara masjid kuna lianna, Masjid Agung Manonjaya ogé sarua sok aya kasebutna. Dipercaya dicicingan ku jin. Aya kalana bangsa lelembut bieu sok ngaheureuyan.
Kawasna bangsa lelembut di Masjid Agung Manonjaya, Kacamatan Manonjaya, Kabupatén Tasikmalaya nganjrekna geus ti béh ditu mula. Saméméh puseur Kabupatén Sukapura pindah ka Tasikmalaya (1901). Kajadian nu pikahémengeun téh waktu pamaréntah mindahkeun papaés nu ngacung di salahsahiji munara (kubah) Masjid Agung Manonjaya.
Éta papaés téh diala. Dipaké keur mapaés kubah masjid anyar di dayeuh Tasikmalaya. Sanggeus sapeuting dipasangkeun, isukna kanyahoan poponclot kubah téh bet euweuh ti tempatna. Urang Tasikmalaya geunjleung. Kitu deui Manonjaya. Poponclot nu diboyong ka Tasikmalaya téh bet geus aya deui di munara asalna.
Papaés munara wawangunan utama mibanda ajén nu husus. Cenah asalna ti Masjid Pamijahan di Tasikmalaya kidul. Bentukna saperti makuta, dijieunna tina tambaga, jangkungna 1,80 meter jeung beulah handapna pasagian ukuran 60 sénti. Tititinggal Syéh Abdul Mukhyi. Dipasrahkeun ka pamaréntah waktu nyieun masjid agung di Manonjaya.
Ari papaés di ponclot munara nu rék dindahkeun karajinan tina taneuh (barang garabah) buatan urang Kawasén (kiwari Banjarsari, Ciamis) mangsa kabawah kénéh ku Sukapura. Mun diitung geus 130 taun ayana di munara luhureun wawangunan panambah téh. Kahujanan, kapanasan, sarta peuting kaibunan, tapi eta barang tetep beleger.
Masarakat ngaduga-duga nu boga hadasna kamungkinan jin nu ngageugeuh Masjid Agung Manonjaya. Teu ridoeun, salahsahiji bagéan masjidna dicokot, dipaké ku masjid séjén. Sanggeus kajadian kitu, pamaréntah Kabupatén Tasikmalaya teu neugtreug hayang mindahkeun papaés munara Masjid Agung Manonjaya.
"Di dieu mah tos teu anéh deui aya kajantenan pikahémengeun," ceuk Amin, 63 taun, patugas masjid. Amin sorangan, kungsi papanggihan di pangwadonan, tempat salat husus keur wanoja.
"Ujug-ujug aya nu ngabedega. Ti dinya ngejat, muru tangga. Ukur sajorélat, geus tepi ka lawang lalangit," ceuk Amin nu pagawéanana maneuh purah muka, nutup panto jeung jandéla masjid. Mimitina mah Amin kagéteun, tapi ari ngarasa keueung mah henteu. Amin jadi pangurus masjid lain sakeudeung-sakeudeung.
Kajadian séjénna, hiji mangsa kira-kira tabuh dalapan beurang, teu gugur teu angin Amin ngadéngé aya sora tanpa jirim. Disebut kitu teh lantaran harita di jero masjid taya deui jalma lian, iwal dirina. "Bari kebek ku kahéran, kuring nyoba-nyoba nyusud éta sora," ceuk Amin.
Amin muru lawang nu ngahubungkeun rohangan masjid jeung pangwadonan. Sora nu tadina teu puguh ti mana-manana téh, ngadadak bet kadéngéna saperti ti lebah rohangan paranti solat awéwé. "Sajongjongan mah kuring reuwas, lantaran di pangwadonan ngadadak aya jalma," pokna nyaritakeun pangalamanana.
Bari teu kaburu nengetan tangtunganan, Amin gancang nutupan jandéla jeung ngoncian panto masjid. "Ceuk ingetan téh, mun dirina manusa saperti urang, tangtu bakal cocorowokan ti munara atawa lalangit masjid. Menta tulung dirina kakerem, teu bisa kaluar ti masjid. Tapi duka, mun nékad, ngajleng ti munara mah," ceuk Amin bari seuri.
Sakali waktu, Masjid Agung Manonjaya kaanjangan lima urang patugas ti balai suaka purbakala ti Jakarta. Limaanana naék ka loténg masjid, mapay tangga, maksudna rék motrétan. Teu lila salahsaurang, tuturubun turun muru rohangan masjid. Ti pangwadonan, ngabecir ka luar, ngondang kahéran hadirin nu aya di jero masjid.
"Anjeunna hariweusweus jeung tutunjuk ka luhur masjid bari nyebutkeun manggih nu pikareuweuseun di munara masjid waktu rék motrét, " ceuk Amin. Motrétna teu tulus, lataran waktu keur ngéker, anu tina lénsana teu témbong naon-naon, poék, siga lénsa kamérana nutup atawa katutupan, padahal mah tutupna geus dibuka.
Basa rék mariksa lénsana, bet di hareupeun lénsa téh katémbong aya curuk ngahalangan. "Jeung curukna téh teuing ku gede, ceuk pangakuanana mah sagedé pingping jalma déwasa," Amin méré katerangan bari didaréngékeun ku nu hadir, di antarana dokter H Banyamin Ijudin, salahsaurang tokoh masarakat Manonjaya.
Dumasar kana ingetan sawatara warga satempat, baréto mah cenah nu keur ngobrol atawa ngariung di masjid ogé sok manggihan kajadian nu nguatan kayakinan éta masjid memang aya "pangeusina". Upamana waé, jumlah nu ngariung téh nambahan, anu tadina ukur genepan robah jadi tujuhan. Ngan nu saurang deui mah tara milu nyarita.
Geus puguh ari sajadah jeung samak nu sabubarna solat aya ngaji peuting digulungkeun, ayakalana isukna subuh-subuh pangpangna petugas remen nganyahoankeun sajadah jeung samak téh geus ngampar saperti tas aya nu maké. Luhureun samak atawa sajadah remen kapanggih Al-Quran, di antarana sok aya nu kacana muka kénéh.
Ku sabab mindeng nempo jeung ngalaman kajadian nu pikahémengeun, urang Manonjaya mah mun hég asup ka Masjid Manonjaya ngadéngé atawa nempo naon-naon nu matak hémeng geus teu kagéteun deui. "Muhun tuda ukur ngaheureuyan wungkul, tara dugi nyilakakeun, margi da moal tiasaeun," ceuk Mang Amin.* NS Priyatna - kisuta.com


