Gélo
MARANÈHNA keur nyérangkeun, 'nu mudigdig mawa karung. Tukang mapay-mapay kampung. Awak kuru baju leuseuh. Didudukuy samak rabig. Runtah-runtah pasoléngkrah, dipulungan dibebeskeun. Lembur asri baleresih.
"Sigana mah jalma setrés!" ceuk Si Ajid ka Si Èpén. "Urang-urang 'nu setrés mah! Tukang ngawur-ngawur runtah!" binarung 'nu hareugeueun.
Pirajeunan hiji waktu, léngkahna ditutur-tutur. Susulumputan nyawangkeun. Sangkan ulah katohian. Mapay jalan jeung buruan. Susukan ogé walungan.
Tepi kana pamustungan. Anjog di tempat manéhna. Patempatan anu nyingkur. Katara siga té-pé-a. Lalinduh diriung cangkring. Di juru aya bak témbok. Ngan saméter ka saméter.
Ahéng kajadianana. Di luar nalar jelema. Runtah-runtah 'nu ngagunung, ledis asup ka jero bak.
Ti wangkid aya 'nu ngintip. Tukang runtah jadi tilem. Ogénan tempat dumukna. Lembur jadi bala deui. Si Ajid jadi kasibat. Langlang-linggling laju ngencling. Mitembeyan mawa karung, mulung runtah mapay kampung.*
Abdul Haris - kisuta.com


