Kuring
CIKÈNÈH téh keur milihan tiung di pasar baru, ngadadak kuring
ngajirim jadi tukang cilok. Dagang di hareupeun SD Inpres.
Pagigir-gigir jeung nu dagang és.
Basa keur ngecrotkeun saos kana plastik, ujug-ujug geus aya di
jero pasar. Dagang béas jeung lauk asin. Kadéngé réang.
Bérés ngaladangan nini-nini, sabot keur tungkul, ngitung duit
pamulangan, ujug-ujug geus ngajanggélék jadi muadzin.
Adzan di masigit.
Keur memener sarung nu karasa rék morosot, taktak aya nu noél.
Barang dirérét, kenék mobil elf ngasongkeun leungeun, ménta ongkos.
Kusiwel, ngodok kutang. Ngasongkeun duit dua rébuan nu rikes jeung
baseuh ku késang.
Elf nyemprung. Nanjak mudun. Teuing ka béh mana. Kuring nyarandé,
bangun nu lungsé. Angin nu ngahiliwir asa mépéndé.
Reup, peureum. Leng!
Kahudangkeun ku sora nu nihtir dina puhu ceuli. Lalaunan panon
beunta. Tuluy nunutur leungeun. Nu keur pageuh nyekel kenur.
Rét kaluhur. Aya langlayangan nu pegat katebak angin. Kumalayang.
Bari ku kuring dipuntangan.*
Is Tuning - kisuta.com


