Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ceu Engkar

Selasa, 24 November 2015

NYEBUT euceu sotéh pédah ka dunungan. Minangkana mah ngaragangan. Da ari umurna mah sahandapeun kuring Ceu Engkar téh. Najan anakna leuwih réa. Satilu-tilu. Jalu wungkul deuih. Nu unggal poé ku kuring dijajapkeun ka sakola jeung ka kampusna. Puguh lalakon nu pikakeueungeun. Ari budak batur tangginas dianteur-anteurkeun, sedengkeun budak sorangan kalah dipandeurikeun.
Reg di hareupeun panto gerbang téh biasana dipapag ku tirilik budak. Atawa sok pareng nangenan budak keur ngalangeu bari nanangkeup tas. Ayeuna kalah suwung. Euweuh kucir-kucirna acan.
“Bieu téh Si Enéng dicandak ku Endén, saurna badé dijajapkeun ka sakola,“ Bi Asih kaburu sasadu tiheula. Gebeg téh. Rét, kana jam. Sanggeus ngawiat konci mobil, deregdeg wé.
Nu diudag nyampak keur laleumpang. Da nu dijugjugna teu pati anggang. Sanggeus karonjang, budak nu keur dikakaléng téh tuluy dijéwang leungeunna. Katara reuwaseunana. Digelendenganana mah engké deui wé. Ayeuna mah kuring tacan sayaga. Pikeun nyaksian deui rindat Ceu Engkar nu sok ngotélan rasa.*

Asép Komara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya