Cacap
HIJI imah pinuh imut. Angin ti langit katujuh tinghiliwir. Hawa seger minuhan patengahan. Rénghap kabungah tingburilak dina saban kétap, basa adan panungtung ngalanglaung. Jajantung ngalentrung. Rampak sekar. Nembang pinunjul. Saanak buyut.
Sora-sora ngalagena. Sora jiwa. Sora kahiji, kadua, jeung katilu ngawirahma. Rumpaka dunya dipirig gamelan kalanggengan. Kolabarasi jeung sora kembang api di handapeun méga. Sora anaking nyéngcélak. Ngéléhkeun sora handaruan. Sora kailaharan nu marapag lebaran.
"Néng cacap. Mana hadiahna?"
Lucu. Aki, nini, uwa, emang, bibi, indung, bapa, tur sakabéh kulawarga tingséréngéh. Sung-song.
"Ti Bapa mah hoyong nu beureum."
Tina umurna nu katujuh taun, katingal dadasar ngampar. Karpét kulawu panglinggihan kakebulan. Beunang ninun indung bapa katut alam di sabudeureunana. Inti purwadaksi, galeuh utama, ajaran kaihlasan, kasilih ku siga. Siki hanjeli boléas. Dikir katambias.*
Dadah Hidayat - kisuta.com


