Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Anu Owah

Minggu, 29 November 2015

DI lembur 'nu deukeut jeung tempat kasabna, manéhna téh warga anyar. Indit-mulang cukup leumpang. Sagédéngeun gapurana, aya masjid méwah leutik. Harérang sarwa diposlén. Sapopoé kaliwatan.
Hiji mangsa. Ditotopi mulang kalayan laliwung. Kontrak gawéna béak. Ngong adan asar. Niat dadakan mitembeyan ngama'mum. Abdas. Sup! Bréh. Kaligrafi mararanis turta resikna rohangan. Éndah. Imam, muadzin jalma éta-éta kénéh. Karang sagedé kaléci palebah pipi kéncana. Soméah. Solat berjamaah duaan. Wiridan. Laju nuluy muru imah.
Méh deukeut kana golodog. "Hadeukh, ku limpeuran!" gerentesna. Rarampa kana sirahna. Topina tinggaleun. Gedig! Balik deui. Taksiranana di tempat abdas.
Anjog. Olohok.Taya masjid. Di tempat tadi, rembet eurih. Tengahingna ébréh pundamén batu. Lukutan. Cileuncangan. Hideung. Bau. Rarat-rérét sabudeureun. Panasaran. Suwung. Yakin teu nyalahan tempat. Nampiling karep. Lain ngimpi. Gebeg! Ngudupruk. Rét! Peuntaseunana. Rudin. Nu owah mamawa runtah. Ditotopi beureum. Karang sagedé kaléci palebah pipi kéncana. Diéak-éak bebenyit.*

Abdul Haris - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya