Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Néangan Karuhun

Senin, 30 November 2015

BUS ka toko pakéan. "Ko, butuh naon?"
"Aya sajadah?"
"Ti iraha Engko abus Islam?"
"Geus lila."
Sup motor diasupkeun ka béngkél motor. "Ko, naonna nu ruksak?"
"Sok mogok baé."
"Naha uing sok dipanggil Engko bae?" Gerentes téh.
Kuring ditugaskeun di Jakarta. Keur salat lohor, kadéngé ibu-ibu ribut. "Aya cina salat". Ibu-ibu naroong ti lawang panto. Kuring nu keur salat jadi geumpeur, salat lohor tayohna jadi lima raka'at. "Tuh nya, keur diajar kénéh, salat lohorna lima raka'at."
"Saha atuh karuhun téh?" Gerentes kuring.
Kantor ngayakeun workshop di Semarang. Aya rékréasi ngurilingan kota. Kuil Sam Po Kong, salah-sahijina. Bus ka buruan kuil, rada jauh aya patung jangkung nu gagah. Kuring ka dinya. Kuring mencrong beungeutna. "Naha ieu awak jadi gedé kieu ? Itu babaturan katingali jadi laleutik kitu ?" Babaturan paburisat lalumpatan, bari cocorowokan. "Kang Odik jadi Chéng Hoo!, Kang Odik jadi Chéng Hoo!"* Noorfatah Muhammad Dimyati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya