Méméh Pisah
NÉNG Ina nu getén tur satia, nu nganti-nganti bukti kanyaahna, ngalangkang baé. Ditimbang-timbang jeung Mia nu hayoh baé pakepuk ku dapur jeung sumur, teu pati miroséa dirina. Néng Ina nu lenggik. Mia nu bayuhyuh. Néng Ina nu andalemi. Mia nu mindeng rumahuh alatan capé dikepung ku pangabutuh barudak. Néng Ina nu teu weléh marahmay. Tungtungna gilig, rék mindahkeun asih ka nu anyar. Ngadéngé kaputusan salakina, Mia ukur nginghak. Sanggeus tarapti, Hérman amitan. Mia teu nganteurkeun saperti biasana. Ngan mihapé surat keur Ina nu disesepkeun kana pésak Herman. Bisi jadi mamala, surat diilo heula. Horéng catetan ubar nu kudu diinum ku Hérman, jadwal kontrol, jeung kadaharan nu dipahing luyu jeung saran ti dokter. Surat nu geus kucel dipésakan kénéh basa tilu taun ti harita ragana kapanggih ngagolér alatan kadungsang-dungsang.*
Teti Taryani - kisuta.com


