Bedhoyo Hagoromo
“WAYAHNA, isukan jam tujuh peuting, nyuluran Jang Bakri. Ngaliput, Pagelaran Tondo Tresno Kagem Sri Sultan, di Bangsal Kepatihan.” Teu bisa bahula.
Gending Kapang-kapang Laras Pélog, mirig réngkak salapan wanoja lenjang rancunit, ngibing Bedhoyo Hagoromo. Samping batik babaran parang, adumanis jeung baju kutung héjo botol. Salindang pulas gedang asak, meulit dina awak lalampanyat. Nyari! Paneuteup eunteup ka nu keur ngibing, nomer dua ti kénca. Leungeunna nu ngagondéwa mébérkeun salindang. Laju trisik. Jeprét! Jeprét! Ulah aya waktu kacocéng. Dizoom. Bréh. Lebah siku, tanda beureum ngaguliweng. Moal kapalingan ténjo. Pamohalan! Lain, lain manéhna.
Pintonan lekasan. Kuliwed ka tukangeun panggung. Ngawilujengkeun sakalian wawancara. Gok. Ngarengkog. Balieur. Rék ngejat, pigeulangna geuwat dijéwang. Ngeluk.
“Juwir, bener ieu téh, juwir Cungkring?” ngageubig-geubig awakna.
“Ssst..., ulah geruh, éra. Enya, uing Juwir!” Seuri maur. Huntuna nu baheula semplak, mindarupa.
“Juwita...! Gendéo anyar, yo? Kemecer, ‘Cin...!” Dalapan juru ibing Bedhoyo Hagoromo, ngaronom. Tingkarelét, tinglalinggek. Gondok lakina elok-elokan.*
Nena Cunara - kisuta.com


