Numatak Numawi
LANGIT angkeub, panasna nyongkab. Hareudang nya bayeungyang. Késang badag késang lembut,ngagarajag saawak-awak. Asa piraku ari deuk hujan mah. Kapan keur usum halodo. Jaba ti kitu, asa tara-tara ti sasari. Rék miang téh bet rumegag. Ampir-ampiran pugag ku suit uncuing nu haben suat-suit. Nambah karingrang. “Tong hilap nya, Kang! Diantos di Jalan Cagak. Di tempat ngawitan urang tepang téa.” Kitu unina sms ti manéhna. Di Jalan Setiabudi kapaksa eureun heula, da hujan dumadak turun. Rap maké jas hujan. Ti dinya bangblas mangprung ka kalérkeun. Abong enya keur hujan. Jalan téh kacida sepina. Asa boga jalan sorangan. Gas digoéngkeun sataker kebek. Geleber, ngapung ngawang-ngawang. Golombrang...! Nyungseb kana gawir lebah Tanjakan Emén. “Numatak numawi...Cekéng gé, kudu mayar tol heula. Alungkeun heula ududna!” Ana dirérét, sakolébatan tina dapuran haur aya aki-aki bedegong keur udud seserebungan. “Bisi can apal , Aing téh jéger préman jaman orla. Ngan aingna apes ditabrak treuk!” Pokna deui.*
Maman Damiri - kisuta.com


