Haréwos Goib
LALAUNAN matapoé undur tina ngawasa beurang nu mimiti reupreupan, mangsa ngempurna layung awor jeung pulas peuting, ciri wanci puput caang ku poék, hiliwir angin mimiti nyecep tiis, nyaliara ka sakujur raga, ngintel lebah daging lebah getih.
Resi Palasara nu calik dina réngkak sila luhureun batu, sidakep ana sinuku tunggal museurkeun caturdriya, catur papat, driya angen-angen, sir budi cipta kalawan rasa. Pangambung teu dianggé ngangseu, soca teu dianggé ningal, cepil teu dianggé ngarungu, baham teu dianggé ngucap, husu menekung museurkeun lima rasa, batin nganteng ka Hyang Wisésa.
Mungguhing nu Mahakawasa teu weléh nganteur kahayang manusa, rék hadé rék goréng asal bisa mawana. Maksudna diduluran, maksadna diijabah. Wanci janari leutik, angin tiis nyulusup ka lebah lulurung pangrungu, ngaharéwos kalebah kaweningan ati nu sadrah sumerah dina kaiklasan.
“Palasara, teu kedah bingung, enjing dina mangsa balébat, tuturkeun umpalan walungan Yamuna, lebah tangkal bungur mangsa tengah poé bakal tepang sareng terah Wirata….”
Nyah beunta, bumi langit karungu simpe, umpalan walungan Yamuna ngaguruh teu reureuh-reureuh, marengan guruhna rasa nu pinuh kabungah.*
Jejen Jaelani War - kisuta.com


