Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Bungur

Rabu, 9 Desember 2015

KEMBANG bungur di buruan nuju mangkak, Hana. Sapalih maluguran ka panyawéran, persis handapeun jandéla kamar abdi. Uda Kasim teu liren gegelendeng. Cangkeul balas teras sasapu.
Saupami Hana aya di dieu, di bumi Ama, tangtos langkung bérag dinten téh. Sanaos girimis teras muruhpuy, moal nguyung sapertos kiwari. Tos puguh Béni mah teu lirén ngabangingik. Ngantos salira, teu sumping-sumping. Ambu gé teu weudeu ngiring sungkawa, dugi ka aral. “Lapurkeun baé atuh, Ama, murangkalih téh. Manawi baé kagentosan ku putrana,” saur Ambu, socana ngarérét ka nu nuju ngabangingik.
Ama teu ngawaler. Lambeyna miley. Ajeg, tatih payunen jandéla. Socana carinakdak. Pananganna tipepereket, ngeupeul serat ti salira.
Abdi ukur ngahodhod dipengkerannana. Nahan tiris, bari nyawang bungur nu maluguran. Di ditu, di palih juru.*

Maman Gantra - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya