Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Matakna

Rabu, 9 Desember 2015

"SABENERNA mah, masak, nyeuseuh, atawa bébérés di imah téh, kabéh
ogé kawajiban salaki..."
"Hooor?"
"Atuh enya, kawajiban salaki téh nganafkahan pamajikan jeung
kulawarga lin? Nu disebut nganafkahan téh nyaéta méré dahar,
méré pakéan nu bersih jeung ngimahan."
"Tuluy? Mun kabéh kudu digawéan ku salaki, naon gawéna pamajikan
di imah téh?"
"Matakna..."
"Atuh riweuh! Sapopoé nyiar kipayah, datang ka imah kudu nyangu,
masak, kudu nyeuseuh jeung bébérés mah..."
"Matakna..."
"Lain, atuh geuning kanyataanana mah tibalik?"
"Kitu téh lantara Alloh méré kasempetan ka kaom pamajikan pikeun
ngala pahala saloba-loba."
"Maksudna?"
"Ceuk katerangan, mun salaki balik gawé, pamajikan nyadiakeun
nginum, ganjaranana téh sarua jeung puasa sataun. Eta karék kitu.
Pék bayangkeun, nyadiakeun dahar pahalana sarua jeung naék haji.
Eta mun sakali. Pék itung salila rumah tangga, sabaraha kali
nyadiakeun dahar keur salaki? Can masak, nyeuseuh, bébérés imah
jeung nu séjénna."
"Pamajikan nu hut-hét ngabantuan salaki diimah, tapi nu muruhan
Alloh nya?"
"Matakna..."*

Is Tuning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya