Kembang Balékambang
CAI balong ririakan. Kaémbrat cahaya bulan. Laju nyingray ka tukang. Balékambang badis parahu nu nyewuk meulah lautan. Manéhna angger neuteup. Teu kiceup-kiceup. Beungeut nu semu kareueut téh karampa baseuh. Sarua baseuhna jeung buuk meles nu mindingan gurilap pinareupna.
“Naha bet nyaur, Aka?” Seungit malati nyambuang tina bahamna. Hayang sapok-pokeun balaka. Yén kiwari di lembur Saptapertala, bulan tacan kapanggih laratanana. Ngan manéhna nu bisa néang caangna. Ngundeur ngemprayna. Biwir lir disosi. Nganti-nganti kasurti. Kawas dina haréwosna. Mangsa baheula nyorang pirang purnama.
“Aka moal deui sulaya?” Geus ngésétan haté deui éta galindengna. Basa manéhna nguniang nangtung. Bangun nu lalanjung. Awak sampulurna katara beuki ngempur. Ukur sarérétan nempo gumenclang cipanonna, saméméh manéhna ngabiur ninggalkeun gedat tujuh warna.
Riyeg. Balékambang dumadak inggeung. Cai balong reureuh nyewukna. Reg. Asa kumpul deui ieu lelembutan. Sanggeus nincak tujuh tatapakan, damar séwu katénjo baranangna. Nu keur ngabungbang beuki sahéng galécokna. Najan di langit, bulan beuki reup-reupan.*
Asép Komara - kisuta.com


