Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Supir Taksi

Senin, 14 Desember 2015

“BADÉ kamana atuh urang téh? Tos satengah jam, Tétéh teu nyanggemkeun tujuan…” Si Tétéh neuteup ka hareup. Ka jalan. Paromanna teu robah. Nyel keuheul. Teu dianggap. Rét kana spion jero. Kasebeleun. Jadi hayang nalapung, sina ka luar. Hanjakal awéwé. Geulis deuih. Irung mancrit. Biwir amucuy. Buuk siga nu ngahaja awut-awutan. Umurna paling salawé. Séksi. Komo teu maké nanaon. Tapi naha janari kieu di jalan?
“Ulah ngabayangkeun nu anéh-anéh! Laksanakeun wé paménta kuring!” Supir Taksi reuwas. Katohyan. Lamunanana kabacaeun. “Ceuk saha Allah téh adil? Henteu!” Supir taksi ngaregepkeun. “ Kuring anak jadah. “ Ngarénghap. “Kuring bogoh ka bapa téré. Nyaah pisan. Toh pati jiwa raga.” Supir Taksi daria ngaregepkeun. “Eureun di hareup!” Song duit ratusan rebu lima lambar.
Sup ka kamar. Nyetél tipi. Bray awéwé geulis, panumpangna. Tadi peuting ieu sakitan téh maténi indung bapana. Kabur. Bieu masrahkeun karep ka pulisi. Supir taksi ngajéngjéhé.*

Deni Riaddy - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya