Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Udud

Senin, 14 Desember 2015

"TONG udud waé atuh."
"Naha?"
"Apan haram ceuk fatwa gé..."
"Kitu?"
"Enya!"
"Ari nu boga hak nangteukeun halal jeung haram téh saha kitu?"
"Nya Alloh..."
"Naha atuh bet hayang nyaruaan Alloh?"
"Ah, teuing..."
"Nu ngarana Fatwa téh pendapat manusa anu ngabogaan unsur kira-kira jeung meureun kénéh. Pendapat éta dumasar kana sagala sudut pandang, salah saratusna tina sudut pandang kaséhatan jeung agama. Tah, udud gé dumasar kana sudut pandang kaséhatan mah, matak ngarugikeun. Boh keur nu ududna, boh keur batur. Apan ngarusak kaséhatan téh ceuk agama gé teu meunang."
"Tah geuning apal. Ngarti atuh bahayana udud téh lin?"
"Nya ngarti atuh da nyakola!"
"Naha atuh mun ngarti mah geuning udud kénéh?"
"Yeuh sabenerna mah teu resep kana udud téh, da mun bisa mah
hayang diduruk tah pabrik rokona sakalian!"
"Naha atuh?"
"Kulantaran teu bisa ngaduruk pabrik rokona, jadi dikeureuyeuh wé ngaduruk rokona sabatang-sabatang..."*

Is Tuning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya