Ngarénggong
KEUHEUL sabenerna ka manéhna téh. Ngan teu bisa kumaha. Kuring bingung. Liwung. Bageurna kabina-bina. Kuring ditatap diusap pinuh ku kadeudeuh. Teu sirikna unggal poé mencétan jeung nyisiran. Barang tuang ogé dipupujuhkeun.
Mun geus aya kahayang, sipat galakna némbongan. Nabeuh bajidoran teu kira adeuh. Tarik pisan. Ceuli kuring kotka katorékan. Sakapeung mah sok hayang ngajejek kana dadana mun teu inget ku bageurna. Kahayangna teu kaharti. Basa manéhna mecut, kuring rék lumpat, rikat manéhna ngenyed kadali. Kapaksa ngajérété. Kitu jeung kitu pagawéanana, nyiksa kuring sapopoé jeput. Awak sakujur asa pasiksak. Ménta tulung kanu ngaliwat kalahkah disaleungseurikeun. Bangun nu barungah ningali kuring acreud-acreudan.
Kuring ukur bisa pasrah kana nasib. Meureun geus titis tulisna kuring kudu siga kieu. Mun peuting ukur bisa ngalengis di jero istal bari neuteup bulan nu katémbong di sesela kenténg semplék. Teu kendat ngahariring:
Aduh-aduh naha bet telenges teuing,
Ka kuring bet nyiksa,
Mecut ngagebug ngagitik,
Ngarangkét taya eureunna.*
Rudi Alfajri - kisuta.com


