Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Yoséphine

Jumat, 18 Desember 2015

MINDENG maca sajak jeung sanggian karanganana. Anjeun nu ngolébat dina kingkilaban beurang, nu nyunggelikeun haté wanci kajanarinakeun. Rusiah hirup geuning aya anu ngatur. Gok amprok, teuteupna jeung imutna, ngaliuhan lelembutan. “ Nepangkeun abdi Yoséphine Kang,” haréwosna semu ngawirahma tembang kaléon. Sapeupeuting ngan pareng silih paling rérét, teu wasa ngedalkeun kalimah ungkara siloka. Katrésna diteureuy jungkiring peuting, ngan haté teu weléh mabra. Isukna, waktuna mulang taya panggupay panganteur tineung, kakangen bacacar muguran. Saparat jalan pangbalikan kawih kulu-kulu barang ngagalindeng dina jero kalbu. Petis kupa jeung jantaké singhoréng mah ceremé leuweung. Alus rupa hadé haté, singhoréng mah dunungan bébéné deungeun. Mugia salawasna salira waluya Yoséphine.*

Iwan Hanjuang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya