Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Parahu Ngapung

Sabtu, 19 Desember 2015

GEUNJLEUNG. Geus dua poé aya parahu badag, ngapung di langit Bandung. Rahayat tumplek, kabéh ngadeugdeug hayang nyakséni kaahéngan nu keur lumangsung. Para pangagung bingung. Patugas kaamanan dikerahkeun, ngajaga bisi aya bancang pakéwuh. Geus dicoba ngahubungan nu aya ‘na parahu, lebeng.
Unggal peuting parahu ngaguruh, bangun aya nu dipigawé. Lampuna harurung. Gumebyar. Nyaangan langit Bandung.
Peuting katujuh, maleman boboran. Ngaguruhna parahu awor jeung sora dulag, patémbalan jeung nu takbiran. Aweuhanana ngageterkeun jajantung. Bandung, oyag. Manjing tengah peuting, cahya patingbarasat ti jero parahu. Langit Bandung mabra. Dumadakan, Bandung beresih tina sagalaning runtah. Lening. Beuki lila parahu mingkin caang. Rupaning warna nyaangan lalangit Bandung. Jleg, jleg, jleg…. Di sisi-sisi jalan sakuliah Bandung, di lahan-lahan kosong, di buruan-buruan imah rajeg réwuan kekembangan. Wanci janari, parahu ngabelesat ninggalkeun langit Bandung.
Poéan boboran, Bandung seungit ngadalingding. “Geura jaga Bandung urang” ceuk hiji jajaka, nu ngabedega di mumunggang gunung parahu nangkub. Imut leleb.*

Eboed - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya