Galindeng Tineung
WAKTUNA IBL, gesat-gesut ngasupkeun baju kana ransel. Sanggeus surat-surat diteken ku Kabag Binsis, bring baé jeung babaturan sabarak muru stanplat.
Haté galécok ngéléhkeun récétna manuk goléjra sapanjang jalan, geus diajam saméméhna poé ieu mah rék langsung ngajugjug ka Garut. Nepungan si ceméwéw pupujén ati nu ampir dalapan bulan teu ditéang.
Ngahaja ampleng-amplengan teu méré khabar, sms jeung teleponna tara ditembalan. Poé ieu rék méré kejutan, kabayang pisakumahaeun reuwasna nempo kuring ayeuna geus bedegul jeung maké seragam kesatuan. Reup peureum ngabayangkeun nu geulis ajrag-ajragan tuluy ngagabrugan.
Anjog ka nu dituju, jrut turun tina élf muru imah nenggang sisieun jalan Wanaraja - Cibatu. Angger raresik. Aya nu robah tangkal sawo belah juru paranti ocon duaan geus jadi babalongan.
Sanggeus uluk salam, kulutrak panto aya nu muka. Barang gok, nu geulis katembong pias, tuluy nginghak.
"Enung ...!" Pok téh semu ngageter, rét kana awakna.
Gusti ... ning keur kakandungan...!*
Cucu Unisah - kisuta.com


