Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Di Gambir

Senin, 28 Desember 2015

TI Borobudur kénéh, ramo urang geugeut silih cekel. Sakapeung silih kaléng, silih tangkeup. Nikreuh ka kulonkeun, meulah peuting nu mimiti jempling. Bari tetep pagéyé-géyé, miharep bulan nu keur talangké.
Lebah pengkolan Pejambon, hareupeun garéja Emmanuel nu geus suwung, urang karah ngajeten. Nganaha-naha. Horéng ieu kaasih lain bae pikaijideun, ogé urang boga hahalang: Masing-masing geus kurenan.
“Kang, naha leres urang teu tiasa teras ngahiji?,” ceuk anjeun.
“Teu tiasa, Toni. Salira tos gaduh bojo, pon kitu deui Engkang,” ceuk kuring.
Di peuntaseun Gambir urang papisah. Salira ngejat ka Bandung, kuring nyegat taksi ka Bogorkeun. Beungeut pamajikan ngalangkang di antara langit peteng.*

Maman Gantra - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya