Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Johnnie Walker

Kamis, 31 Desember 2015

LAMPU disko tingbaranyay warna-warni. Gedur wirahma rémix teu eureun, minuhan rohangan Shangrilla. Si Olég keur ngabaheuhay, nyekék botol kosong bari unggut-unggutan, teu eureun gigideug miceun bangbaluh hirup. Gelas kosong pabalatak dina méja. “Tambahan deui, Nyaiii!” Gugupay ka palayan. Song, sagelas Johnnie Walker diasongkeun deui ku nu rancunit. Leguk, sakilat gelas geus copong, laju ciarak sumélékét kaunggal sél. Ngékéak bayah, tingalasruk niruk jajantung, bari maténi lelembutan nu ngan kari sasemplék. Tetempoanana mingkin reyem-reyem. Dédéngéanana beuki norék. Hawar-hawar sora nu patingjarerit. Reup, poék mongkléng. Nyangsaya jurueun rohangan.
Olég ngoréjat hudang, peteng sakuriling bungking. Kareungeu sora nu keur gunem, jéntré.
“Ieu jalma tong ditanya deui, Kang!”
“Sapuk pisan, Yi. Cuang siksa, geus puguh ieuh!”
Sorana bedas lir guludug, haténa dumadak sebér. Siak jebét kana puhu ceuli, sirah bejad, uteuk mancawura. Ngan sakilat, ngahariji deui. Olég ngocéak maratan langit. “Ampuuun!” Taya nu maliré.
Kitu jeung kitu salilana, teuing nepi ka iraha.*

Rudi Al-Fajri - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya