Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Harepan Anyar

Kamis, 31 Desember 2015

ANGKEUB langit pangaritan buyar ditiup ungkara teges lurah anyar.
"Yu, urang baralik ka pasawahan jeung pakebonan. Pare, palawija, sayur-sayuran, cuang hirupan deui." Alam narawangan. Harepan swasembada tingkuniang harudang deui.
"Embééé!"
"Toééét toét tot tot!"
Sora kagandrung tingjurungkunung di luhur gunung. Sedeng sora kaketir di tegal pasir mipir nyingkir.
Barudak angon malincrak, igel-igelan, aréak-éakan. Laju murak timbel sangu pulen ladang késang patani pribumi.
"Ulah waka owah, euy!" ceuk nu garaplah, nu dadana maraké lencana hideung.
"Ririungan urang karumpul ..." Barudak ngarawih Sunda sabada upacara.
"Reugreug, reugreug!" Ki Lurah anyar ngumbah leutak nu minuhan sukuna dina kamalir sawah. Laju mulang abring-abringan jeung nu tas buburuh tandur. Dituturkeun ku barudak angon nu tetep jigrah.
"Embééé!"
"Toééét toét tot tot!"
Layung sampulur. Lembur ngempur.*

Dadah Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya