Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Januari, 4035

Sabtu, 2 Januari 2016

DI luhureun Malébér, dayeuh Cianjur Raya, langit geus karasa eundeur. Mangrébu martébu ngagimbung, pating geleser ka wétankeun. Areureun di luhureun urut Waduk Cirata, nungguan Komandan Lapangan nu masih ngatur siasat jeung staf-stafna. Teu lila. “Jam opat leuwih lima!,” komandan ngagorowok.
Breng! Rébuan martébu ngarapung deui. Di lebah Padalarang, paheula-heula mesatkeun Sangkuriang. Belesat, belesat. Ngan sakolépat, arca Dédi Stanzah nu ngajungkiring dua abad lilana jadi lebu. Kadéngé nu surak éak-éakan. Sawaréh geus mangprung ka kalér jeung ka kidul. Sangkuriang pating harieng, mabuk naon baé nu aya. Di lebah Soréang, arca Ajat Sudrajat ngagolépak keur ditenggoran ku barudak leutik. Di Lémbang, kantor Gubernur geus rata jeung taneuh. Arca Harry Tanoe geus teu mangrupa. “Ludes sakabéh diktator!” kadéngé sora pating gorowok.
Di Darwin, dayeuh Republik Indonesia, Presidén Ménahem nembé réngsé maos pidato di televisi. Anjeunna ukur ngabetem basa ajudan nepikeun béja nu katarima ti Kepala Staf Angkatan Bersenjata. ”Laskar Otista?” Bangun teu percaya.*

Maman Gantra - kisuta.com

Katerangan:
Martebu: Tutumpakan nu bahan bakarna mangrupa campuran cikiih kuda jeung minyak jarak. Sanggup ngangkut dalapan jelema, diproduksi massal ku Spaceghost Motor ti taun 3050, méh bareng jeung diproduksina Parahu3000 nu kiwari minuhan Samudra Hindia.

Sangkuriang: Pakarang mangrupa pedang sakaligus bedil, sinar nu dikaluarkeunnana ngarupakeun sinar QX nu ditimukeun ku hiji proféssor di Gunung Haruman, dayeuh Garut Raya, 3029. Di wewengkon Sangihe, Aru, Waména, jeung Washington, pakarang ieu dipahing pisan.


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya