Halusinasi
WANCI janari. Sagelas cikopi jeung sabatang roko maturan waktu saur, nyorangan. Pelenyun, haseupna nyerebung. Nyangsaya, neuteup sajauhna, ngejah tapak-tapak panineungan jeung manehna basa nyulam tali asih, nguntun pirang-pirang kabagja nu geterna masih keneh nyesa. Hanjakal, manehna getas nangtos putusan, milih jalan hirup sewang-sewangan. Panineungan, nguniang ngahudang lara. Reumbay cimata. Roko nu tinggal satengah batang disesep deui. Haseupna nyerebung deui. Jleg, haseup ngajirim, salin rupa jadi jajaka. "Kasarung ku panineungan, Geulis?" manehna imut. "Saha anjeun?" kuring ngarenjag. "Kuring nu micinta anjeun dina sajeroning pangimpian, mawa panggeuing. Lengkah anjeun manjang keneh, Geulis..." manehna ngusap cimata nu ngamalir maseuhan pipi kuring. Manehna ngarangkul, sukma kuring ngalayang apung-apungan. Teuing sabaraha lilana manehna mamawa kuring ka alam impian nu can pernah kasaba, endah...*
Bunda Unie - kisuta.com


