Sastra & Humor
Dongeng Pasosore
Piwuruk
Senin, 4 Januari 2016
“BAPA téh copét, Jang,” nyelang heula ngaregot cikopi. “Tapi silaing mah ulah nurutan.” Kuring jadi bueuk meunang mabuk. Barina gé saha nu hayang boga bapa copét. Kuring hayang gelar ti hiji indung nu salakina gupernur, mentri, atawa présidén. “Silaing kudu jadi jelema. Kudu nanjung. Kudu nyeungitan kulawarga nu geus bau bangké.”
Tibang unggeuk jeung unggeuk, bari angger tungkul. Teu némbalan, da teu butuh ditémbalan. "Ulah ka mamana, Bapa rék meuli roko heula!" Rumpu-rampa kana saku calana tukangna. “Ka mana dompét?” Bari tuluy ngarampaan unggal saku baju jeung calanana.
Kuring beuki ngeluk. Mélétét.*
Rudi Riadi - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


