Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Laratan

Selasa, 5 Januari 2016

BALIK ti kantor. Can ogé ngareureuhkeun capé, pamajikan geus hariweusweus mantén.
“Tadi siang, aya murangkalih masihkeun ieu,” cenah bari ngasongkeun foto . Barang diilikan, bati nyéréngéh . Foto heubeul. Jaman keur burey kénéh. Di buruan és-dé. Duaan jeung si Saman, sobat dalit nu ayeuna teuing aya dimana. Nu motona guru Rustam, nu harita mah sok jadi tukang potret ongkoh. Geus lila teu aya dikieuna pa Rustam mah.
“Meunang ti mana cenah , boa eta budak téh kulawedetna pa Rustam?” tanya kuring.
“Duka atuh, da murangkalih téh ngangkenna mah sobat engkang, rarayna ceplés dina foto éta…namina mah asa…Saman..kitu ?” jawab pamajikan, beungeutna katara rada pias.*

Asep Komara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya