Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Tukang Rakit

Rabu, 6 Januari 2016

HIDEUNG. Begang. Buuk luis, meles leucir diminyak keletik. Gawé purah ngala awi jualeun ka nu butuheun. Nincak déwasa undak kaparigelanana. Nyieun rakit pikeun meuntaskeun nu hayang meuntas wahangan sisi lemburna. Kasab. Dibantuan ku dulurna. Rakit awi gaganti rawayan nu rungkad kabawa caah.
Teu mangkuk dua usum. Tukang rakit nu keur nanjung jadi carita aya nu ngalamar ku urang lembur tatangga jauh, puseur dayeuh sarébu pulo. Disandingkeun jeung urang sabrang ti pulo timah. Wayahna kudu daék. Dihiras jadi tukang parahu mémérés ramijudna patalimarga di bangawan nu mindeng umpalan mangsa ngijih tapi ngolétrak mangsa katiga.
Katarik ku takdir. Milik teu pahiri-hiri. Tacan ogé sapanyeupahan, ceuk juru pantun mah, ngokolakeun puseur dayeuh, datang deui nu miharep. Tukang kebo liar wedalan kaputrén butuh ku nakoda, juru mudi kapal pinisi. "Kami percaya, dia pasti bisa," pokna satengah maksa. Tukang rakit teu bisa kumaha, loba teuing karumasa. Seja balayar ngambah legana sagara nusa antara.*

Entjep Sunardhi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya